Matéri Ajar Basa Sunda
Ku Arif Abdilah
Pangajaran Roman
atawa Novel
Istilah roman téh sakapeung mah aya nu ngahartikeun sarua,
sakapeung deui aya nu ngahartikeun béda. Tapi dina sastra Sunda mah dua istilah
éta téh éstu sarua baé. Ceuk Iskandarwassid (1996, kc. 130) anu disebut roman
téh sarua jeung novel anu hartina prosa rékaan (fiksi) nu naratif (ngawujud
lalakon), umumna panjang sarta galur caritana atawa plot-na kompléks (ngarancabang). Ku lantaran kitu, wanda roman/novel mah bisa midangkeun
rupa-rupa palaku, ngasupkeun rupa-rupa kajadian, laluasa ngadéskripsikeun
latar, jeung laluasa ngahirupkeun karakterisasi. Tapi kabéhdieunakeun mah
istilah roman téh geus carang dipaké, nu mindeng dipaké téh nya istilah novel
baé.
Dina kamekaran sastra Sunda, roman atawa novel téh minangka
wangun sastra anu jolna ti Barat. Roman atawa novel asup kana ranah sastra
pribumi ngaliwatan atikan Walanda anu mimiti mekar kira-kira abad ka-18 jeung
ka-19. Salian ti ngaliwatan atikan, mahabuna budaya citak atawa perubahan
sistem tulisan tina manuskrip kana citak jeung peran intéléktual tradisional
(ménak pribumi), anu harita réa narjamahkeun karya-karya Barat, jadi cukang
lantaran munculna roman atawa novel. Malah roman atawa novel téh dipigandung
pisan, jeung hasil merenahkeun manéh di masarakat (nu maca).
Hal séjénna anu boga peran dina lahirna genre roman atawa novel nyaéta pamaréntah
Walanda (1908), anu hasil ngajieun lembaga penerbitan jeung percetakan buku anu disebut
Commissie voor delvolkslectuur (anu
dina taun 1917 jadi Balai Pustaka). Ieu penerbitan téh boga pancén pikeun
milah-milih laju medalkeun bahan bacaan—dijerona kaasup roman—pikeun dijadikeun
rujukan dina ngajarkeun di sakola-sakola formal, anu udaganana pikeun ngawangun
sikep moral manusa anu teu ngaruksak kakawasaan jeung katingtriman kolonial.[1]
Roman atawa novel munggaran dina
sastra Sunda nya éta Baruang ka Nu
Ngarora karya D.K. Ardiwinata taun 1914. Novel dina sastra Sunda leuwih ti
heula medal dibandingkeun jeung novel dina sastra Indonesia. Dina sastra
Indonesia, novel nu pangheulana medal nya éta Azab dan Sengsara karya Merari Siregar taun 1920. Sabada ti éta, terbit
satuluyna karangan D.K. Ardiwinata anu judulna Carios Raden Ustaman taun 1919, karangan Mas Natawirja Carios Ki Santri Gagal taun 1921, karangan
R. Sungkawa anu judulna Carita Dulur Lima
taun 1924, jeung karangan R. Memed Sastrahadiprawira Mantri Jero taun 1928 (Rusyana, 1979, kc. 168; Ruhaliah, 2002, kc.
135-137; Rosidi, 2013, kc. 52).
Di sagigireun ti éta, pikeun
nyumponan bacaan masarakat, muncul ogé penerbit-penerbit leutik séjénna. Ieu penerbit
téh béda jeung penerbit anu diadegkeun ku pamaréntah kolonialis Walanda. Ieu penerbit-penerbit
téh sipatna teu kabeungkeut ku katangtuan-katangtuan jeung pulitik pamaréntah,
dina harti ieu penerbit téh éstu bebas dina milah-milih jeung medalkeun buku-buku
anu pikeun maranéhna merenah dibaca ku rahayat. Malah ku ieu penerbit-penerbit mah
buku téh digunakeun pikeun alat dina ngiritk pulitik pamaréntah jajahan
(Rosidi, 2013, kc. 51).
Pangarang jeung Karya-karyana
Roman atawa novel munggaran dina
sastra Sunda nya éta Baruang ka Nu
Ngarora karya D.K. Ardiwinata taun 1914. Novel dina sastra Sunda leuwih ti
heula medal dibandingkeun jeung novel dina sastra Indonesia. Dina sastra
Indonesia, novel nu pangheulana medal nya éta Azab dan Sengsara karya Merari Siregar taun 1920.
Mangsa taun 1920-an nepi ka taun
1940-an téh mangrupa mangsa anu pangsubur-suburna pikeun kahirupan sastra Sunda
(Rosidi, 2013, kc. 53). Dina éta mangsa, réa pisan karya sastra anu gelar tur
luhur ajénna, kaasup salah sahiji wangun novel, saperti anu ditétélakeun ieu di
handap. Kacatet novél nu medal mangsa taun 1914-1930 (Ruhaliah, 2002 kc
135-137; Rosidi, 2013 kc 52; Rusyana, 1979 kc 168), téh nyaéta,
1. D.K.
Ardiwinata, 1914. Baruang Ka Nu Ngarora.
Belanda: Weltevreden,
2. D.K.
Ardiwinata, 1919. Carios Raden Ustaman.
Belanda: Weltevreden,
3. Tjaraka,
1919. Ceurik Abdi. (?),
4. Muh.
Sanoesi, 1920. Sari Fatimah. (?),
5. Mas Natawirja, 1921. Carios Ki Santri Gagal. Batavia:
Commisie voor de Volkslectuur,
6. M.A.
Salmoen, 1923. Muru Julang Ngaleupaskeun
Peusing. (?),
7. Joehana,
1923. Eulis Atjih. Bandung: Dahlan
Bekti,
8. ______,
1923. Néng Yaya. Bandung: Dahlan
Bekti,
9. Muh.
Sanoesi, 1923. Siti Rayati. Bandung:
Dahlan Bekti,
10. R.
Sungkawa, 1924. Carita Dulur Lima.
(?)
11. Joehana,
1926. Carios Agan Permas. Bandung: Dahlan
Bekti,
12. ______,
1926. Rusiah Nu Goréng Patut.
Bandung: Dahlan Bekti,
13. Nyi Raden Permasih, 1926. Pait Peuheurna Nyandung. Jakarta: Balé
Pustaka,
14. Joehana,
1927. Kalepatan Putra Dosana Ibu Rama.
(?),
15. R.
Méméd Sastrahadiprawira, 1928. Mantri
Jero. Jakarta: Balé Pustaka,
16. Joehana,
1928. Gunung Gelenyu. Bandung: Dahlan
Bekti,
17. ______,
1928. Hutang Nyeri Bayar Nyeri.
Jakarta: Balé Pustaka,
18. ______,
1928. Mugiri. Bandung: Dahlan Bekti,
19. Muh.
Sanoesi, 1928. Dibelaan Pegat Nyawa.
Bandung: Dahlan Bekti,
20. M.A.
Salmoen, 1928. Sungkeman Gelung. (?),
22. R.
Candra Praja, 1929. Pipilih Nyiar nu
Leuwih. Jakarta: Balé Pustaka,
23. R. Méméd Sastrahadiprawira, 1930.
Pangeran Kornél. Jakarta: Balé
Pustaka,
24. Margasulaksana,
1930. Diarah Pati. Belanda?:
Weltevreden,
25. Muh.
Ambri, 1932. Burak Siluman. Jakarta:
Balé Pustaka,
26. __________,
1932. Pependeman Nabi Sulaéman
(tarjamahan). (?),
27. __________,
1932. Pusaka Ratu Teluh. (?),
28. __________,
1932. Istri Pelit. (?),
29. __________,
1932. Palika jeung Jin. (?),
30. __________,
1932. Carita Buah Koldi. Jakarta:
Balé Pustaka,
31. __________,
1932. Numbuk Di Sué. Jakarta: Balé
Pustaka,
32. __________,
1932. Munjung. (?),
33. __________,
1932. Si Kabayan Jadi Dukun. (?),
34. __________,
1932. Ngawadalkeun Nyawa. Jakarta:
Balé Pustaka,
35. Margasulaksana,
1932. Dunungan Midua Manah. Jakarta:
Balé Pustaka,
36. Tjaraka,
1933. Isukan Kuring Digantung. (?),
37. Muh.
Ambri, 1934. Betah di Leuweung. (?),
38. __________,
1934. Karmawicitra. (?),
39. __________,
1934. Lain Éta. Jakarta: Balé
Pustaka,
40. __________,
1934. Raja Neger jeung Bangsa Arab.
(?),
41. M.A.
Salmoen, 1939. Doraka. (?),
42. ___________,
1939. Ciung Wanara. (?),
43. Nanie,
1930. Rasiah Geulang Rantay. Jakarta:
Balé Pustaka,
44. Samsu,
1930. Laleur Bodas. Jakarta: Balé
Pustaka,
45. M.A.
Salmoen, 1930. Mundinglaya. (?),
jeung
46. ____________,
1930. Ekalaya Perlaya. (?).
Kabéhdieunakeun nu ngarang novel téh
teu saateun, malah réa generasi ngora nu kualitas karyana teu éléh ti generasi
saméméhna. Pikeun kapentingan pangaweruh, tangtu perlu diwanohkeun ogé
pangarang-pangarang Sunda séjénna, utamana pangarang generasi sabada merdéka,
di antarana:
1.
Suwarsih
Djodjopuspito, Maryanah,
2.
Syarif
Amin, karyana: Manéhna,
3.
Ki
Umbara, karyana: Maju Jurang Mundur
Jungkrang,
4.
R.A.F
(Rahmatullah Ading Afandi), karyana: Nu
Kaul Lagu Kaléon, Pipisahan,
5.
Aam
Amalia, karyana: Puputon, Buron, Kalajengking, Lalangsé,
6.
Tini
Kartini, karyana: Jurig Kabayan,
7.
Abdulah
Mustappa, karyana: Mikung, Lembur Singkur,
8.
Ahmad
Bakri, karyana: Payung Butut, Rajapati di Pananjung, Potrét,
9.
Usep
Romli HM, karyana: Ceurik Santri, Béntang Pasantrén,
10.
Yosép
Iskandar, karyana: Perang Bubat, Juag Toéd,
11.
Min
Resmana, karyana: Si Kabayan Tapa,
12.
Muh.
Rustandi Kartakusuma, karyana: Mersedes
190,
13.
Tatang
Sumarsono, karyana: Demung Janggala, Galuring Gending,
14.
Holisoh
M. É., karyana: Kembang-Kembang Petingan,
15.
Godi
Suwarna, karyana: Sandékala, Déng,
16.
Deden
Abdul Aziz, karyana: Pangantén,
17.
Dadan
Sutisna, karyana: Sabalakana,
18.
jeung
séjén-séjénna.
Pangajaran Carita Pondok
Istilah carita pondok sacéréwélna
meunang narjamahkeun tina basa Inggris, short story. Gelarna dina sastra Sunda
mangrupa sastra sampeuran, nya éta sabada ayana pangaruh Éropa dina kasusastraan
Sunda (Faturohman, 1982, kc. 54). Carpon téh nya éta karya sastra sampeuran tur
karangan (tinulis) rékaan atawa fiksi dina wangun lancaran, prosa naratif.
Galur caritana rélatif basajan lantaran jumlah kajadian caritana henteu réa,
sarta museur kana hiji kajadian utama.
Hiji hal anu ngabédakeun carita
pondok jeung karya sastra séjénna, nya éta dina sifat naratifna atawa sifat
caritaanana. Carita pondok mah kudu mangrupa carita naratif, lain mangrupa
argumentasi, analisis, atawa déskripsi. Ngan wujud carita naratif téh lain
carita pondok waé, tapi aya anu disebut sktétsa, warta, jeung lalampahan. Ngan
bédana jeung carita pondok mah faktor aktualitas téh henteu dipasualkeun
lantaran carita pondok mah mangrupa karya fiksi atawa karya rékaan (Faturohman,
1982, kc. 54).
Istilah carita pondok dina kahirupan
sastra Sunda mangrupa pangaruh tina sastra Walanda. Nurutkeun Darpan mah genré
carita pondok (carpon) Sunda téh geus aya saprak munculna kagiatan literasi
modern anu ditandaan ku munculna budaya cetak, dina abad ka-19. Ti saprak
munculna kagiatan literasi modern, réa buku-buku kumpulan carita nu medal, anu
eusina lain baé fable atawa carita dongéng séjénna, tapi ogé nyaritakeun
ngeunaan kahirupan sapopoé anu sipatna réalis. Salah sahijina karya Moehamad
Moesa nu judulna "Hibat" jeung "Santri Gagal" nurutkeun
Darpan mah geus kagolong kana carpon (Sundalana, 2012:12-29). Mun téa mah kitu,
"Hibat" jeung "Santri Gagal" téh mangrupa carpon munggaran
dina pajamuan sastra Sunda, sedengkeun buku kumpulan carpon anu munggaran dina
basa Sunda nyaéta Dogdog Pangréwong karangan G.S. anu medal taun 1930
(Faturohman, 1982:54-55).
Mung terbitna buku Dogdog Pangréwong
téh teu langsung ditéma ku kumpulan buku carita pondok ti pangarang séjénna.
Kaayaan ieu téh éstu patukang tonggong jeung kamekaran carita pondok dina
kasusastraan Indonésia, anu sanggeus Temen Duduk terbit taun 1936, laju ditéma
ku buku kumpulan séjénna saperti Kawan Bergelut (1938) karya Suman Hs, Dari
Lembah Kehidupan (1940) karya Hamka, dll.
Kakara taun 1959, muncul kumpulan
carita pondok Sunda kadua judulna Carita Biasa karya Rachmatullah Ading
Affandie atawa R.A.F. Tapi lain hartina dina kurun waktu méh tilu puluh taun,
carita pondok Sunda téh saateun . Samalah dina kurun waktu harita, loba carita
pondok Sunda utamana anu dipublikasikan dina majalah Parahyangan (1929-1949),
Warga, Sunda, Panghégar, Sipatahunan, Manglé, jsb. Tapi sabada medalna buku
kumpulan carpon anu kadua, carpon Sunda mingkin hirup deui. Sawatara kumpulan carpon
anu medal téh di antarana Papacangan (1960) karya Rusman Sutiasumarga, Hujan Munggaran (1960) karya
Ayatrohaedi, Dongéng Énténg ti Pasantrén
(1961) karya R.A.F, Néangan (1962) karya
Caraka, Jakarta Kuring (?) karya Sahuri,
Jurig! (1963) karya Tini Kartini, jrrd.
Malah dina mangsa kiwari tradisi nulis carpon téh beuki réa baé tur teu
saateun. Pikeun kapentingan pangaweruh, tangtu perlu diwanohkeun ogé
pangarang-pangarang Sunda (nu ngarang carpon) séjénna, di antarana:
1.
Ki
Umbara, karyana: Teu Tulus Paéh Nundutan,
Diwadalkeun ka Siluman,
2.
Yus
Rusyana, karyana: Di Luhureun Jukut Reumis,
Jajatén Ninggang Papastén,
3.
Tini
Kartini, karyana: Paséa, Nyi Karsih,
4.
Abdulah
Mustappa, karyana: Nu Teu Kungsi
Kalisankeun,
5.
Karna
Yudibrata, karyana: Kanyaah Kolot,
6.
Iskandarwassid,
karyana: Halimun Peuting,
7.
Godi
Suwarna, karyana: Murang-Maring, Serat Sarwa Satwa,
8.
Budi
Rahayu Tamsya, karyana: Katalimbeng
Angen-angen,
9.
Hadi
AKS, karyana: Oknum, Kalapati,
10.
Darpan,
karyana: Nu Harayang Dihargaan, Rusiah Kaopatwelas,
11.
Cecep
Burdansyah, karyana: Anak Jadah,
12.
Dian
Hendrayana, karyana: Lalakon Bimbang,
13.
Toni
Lesmana, karyana: Carita Lain
Caritakeuneun,
14.
jeung
séjén-séjénna.
Struktur Carita
dina Prosa
Ilaharna karya sastra boh éta novel (roman) atawa carpon tangtu
moal leupas tina unsur atawa struktur anu ngawangunna. Anu disebut struktur
dina karya sastra téh nyaéta susunan atawa komponén-komponén karangan nepi ka
ngahasilkeun wujud karya sastra; gembleng tur boga ma’na[2].
Ceuk Robert Stanton mah struktur karya sastra téh diwangun ku: 1) téma carita;
2) fakta carita (alur, karakter, latar); jeung 3) sarana carita (puseur
sawangan, gaya jeung suasana, simbol-simbol, imaji, judul). Tapi dina ieu
pedaran mah moal rék dijéntrékeun kabéhanana, ukur sawatara struktur anu
dianggap penting jeung perlu. Di antara struktur sastra anu bakal dipedar téh:
1.
téma
carita, téh sarua jeung ma’na nu nyampak dina carita. Sakapeung mah téma dina
carita téh teu neumbrak ditémbongkeun, dina harti, disumputkeun atawa implisit.
Ayana téma téh ajangkeuneun ngawewegan jeung nandeskeun beungkeutan
kajadian-kajadian anu keur dicaritakeun nya éta ngeunaan kahirupan anu
dicaritakeun dina éta carita.
2.
alur
atawa plot, sacara umum alur téh nyaéta runtuyan peristiwa-peristiwa anu silih
sinambung sacara kausalna (sabab-akibatna), nepi ka ngawangun runtuyan carita
anu gembleng. Hal-hal anu perlu aya dina alur nya éta, bagian awal, tengah,
jeung ahir; ngayakinkeun jeung logis; nyiptakeun rupa-rupa kejutan (konflik); jeung ngamunculkeun laju ngaréréskeun
pasualan-pasualan (klimaks).
3.
karakter,
téh ilaharna mah dilarapkeun jadi dua kontéks. Kontéks kahiji, karakter anu
nuduhkeun individu-induvidu anu muncul dina hiji carita (ngaran-ngaran tokoh).
Kontéks anu kadua, karakter anu nuduhkeun kana motif tina rupa-rupa
kapentingan, karep atawa kahayang, émosi, jeung prinsip-prinsip moral tina
individu-individu dina hiji carita.
4.
latar,
nyaéta tempat lumangsungna peristiwa dina carita atawa lingkungan anu nyampak
dina leunjeuran carita. Latar téh bisa ngawujud dékor atawa tempat, misalna
buruan imah, lolongkrang di jalan Braga, jrrd. Latar ogé bisa ngawujud waktu (poé,
bulan, taun), cuaca, atawa mangsa.
5.
puseur
sawangan, téh dina enas-enasna mah mangrupa visi pangarang, dina harti, puseur sawangan
téh nyaéta posisi pangarang dina nilik hiji kajadian carita. Dumasar kana
tujuanana Stanton hasil ngabagi opat puseur sawangan:
a. Jalma kahiji-nu utama, di mana
pangarang mosisieun manéh minangka karakter utama anu ungkara caritana ngagunakeun
kekecapan karakter utama. Ilaharana mah ieu puseur sawangan téh ngagunakeun
kecap sulur jalma kahiji, saperti kuring, uing.
b. Jalma kahiji-lain utama, di mana
pangarang mosisikeun manéh dina karakter lianna, lain nu utama.
c. Jalma katilu-kasengker, pangarang
minangka nu ngatur kabéh karakter jeung mosisikeun manéh minangka jalma katilu,
tapi ukur ngagambarkeun naon anu katingal, kadéngé, jeung anu dipikirkeun ku
salah sahiji karakter wungkul.
d.
Jalma
katilu-teu kasengker, pangarang minangka nu ngatur kabéh karakter jeung
mosisikeun manéh minangka jalma katilu. Tapi di dieu mah pangarang ogé bisa
nyieun sawatara karakter anu mandeg mandiri.
6.
gaya
jeung suasana (tone), gaya téh nyaéta cara pangarang dina ngagunakeun basana.
Najan dua pangarang ngagunakeun alur, karakter, jeung latar nu sarua, tapi
hasil tulisanana bisa baé béda. Bédana éta tulisan téh katémbong dina makéna
basa pangarang dina sawatara aspék saperti ritme, panjang-pondokna kalimah,
detail, humor, konkrét, imaji, jeung métafora. Salah sahiji élemen anu
pakuat-pakait jeung gaya nya éta tone. Tone nya éta sikep émosional pangarang
anu ditémbongkeun dina hiji carita. Tone téh bisa katémbong dina rupa-rupa
wangun, di antaran romantik, ironis, misterius, sepi, jrrd.
7.
judul,
téh minangka hiji hal anu penting dina hiji carita. Judul téh minangka ngaran
macakal anu jadi ciri dina hiji karangan[3].
Judul téh bisa méré gambaran ngeunaan eusi carita, sok sanajan judul teu
salawasna luyu jeung eusi carita. Judul ogé aya nu ajangkeuneun méré gambaran
ngeunaan kagemblengan ma’na eusi carita. Judul aya kalana mangrupa simbol
palsapah, sok sanajan kitu judul sagemblengna hak préogatif pangarang dina nyirian
karanganana.
Pangajaran Drama
Dina kahirupan masarakat Sunda, drama téh geus teu bireuk
deui, lantaran geus ti béhditu mula aya. Contona waé, wayang golék, réog,
longsér, topéng banjét, sintrén, jrrd. Alam harita mah (tradisional), anu
disebut drama téh éstu magelarkeun lakon wé, tanpa aya téks tinulis. Dina
harti, para pamaén drama téh teu kudu ngapalkeun dialog-dialog, éstu
inpropisasi, bébas milih kekecapan, anu penting mah teu méngpar tina konsép
carita anu saméméhna ditepikeun ku sutradara. Éta hal téh béda jeung jaman
ayeuna, sabada asupna modérnitas di masarakat Sunda (Indonésia). Asupna
modérnitas téh saeutik-gedéna ngarobah pola pikir masarakatna, kitu deui dina
drama. Drama anu saméméhna (nuduhkeun tradisional) teu wanoh jeung téks
tinulis, kiwari mah (nuduhkeun alam modérn) wanoh jeung digunakeun. Malah anu
jadi ciri tina drama modérn téh nyaéta ayana téks tinulis atawa ilahar disebut
naskah. Lahirna naskah drama, anu satuluyna nyababkeun drama téh miboga dua
diménsi, nyaéta minangka seni lakon jeung seni sastra. Anapon dina ieu tulisan,
pedaran téh bakal leuwih museur kana pasualan drama modérn.
Saperti fiksi, drama téh ngalalakonkeun lakon; teu bina jeung
puisi atawa prosa, drama ogé ngulinkeun kecap ku cara diimajinasikeun. Tapi,
drama mah miboga ciri nu mandeg mandiri batan genre-genre nu séjénna, kayaning
novel, carpon, jeung sajak. Medalna novel atawa carita prosa lianna miboga
udagan sangkan bisa dibaca ku nu maca, nu maca éta karya-karya tinulis téh
minangka nu maca individual. Béda jeung drama, drama mah diciptakeun pikeun
dipagelarkeun atawa dipintonkeun ka balaréa. Téks drama anu dipintonkeun téh
jadi leuwih hirup lantaran dipagelarkeun di luhureun panggung. Ku kituna drama
mah miboga dua diménsi karakter, nyaéta salaku genre sastra jeung genre seni lakon atawa pertuunjukan. Ari genre sastrana ngajanggélék dina wangun
naskah drama, sedengkeun génré seni lakon atawa pertunjukanana ngawujud dina téhnik
peméntasan, téhnik olah vokal, olah tubuh, keaktoran, jeung artistik (Riffandi,
2010: 4). Ceuk Darmono mah aya tilu unsur anu ngawangun pintonan drama modérn
téh nyaéta naskah, pintonan, jeung nu nongton. Mun di antarana aya nu langka,
éta can bisa disebut minangka pintonan drama (Dewojati, 2010, kc. 11).
Struktur Drama
Ku lantaran drama téh diwangun ku dua seni nyaéta sastra jeung pertunjukan, atuh dina strukturna
ogé boga dua. Kahiji, struktur drama dumasar kana karya sastra, kaduana
struktur drama dumasar seni pertunjukan. Anapon dina struktur drama dumasar
kana karya sastra éstu teu bina jeung struktur prosa umumna, saperti novel
jeung carpon. Minangka téks naskah, struktur drama téh diwangun ku téma, fakta
carita (alur, karakter, latar), jeung sarana carita (puseur sawangan, gaya basa
jeung suasana, simbol-simbol, imaji, judul). Anapon struktur drama dumasar kana
seni pertunjukan diwangun ku: prolog, dialog, pembabakan, adegan, wawancang,
solilokui, aside, episode jeung epilog.
1.
Prolog:
caritaan awal anu ditepikeun dina bubuka drama. Eusina mangrupa ébréhan kaayaan
palaku, paguneman batin palaku, suasana pertunjukan, atawa konflik carita.
2.
Dialog:
paguneman palaku. Paguneman di dieu tangtu miboga maksud, lian ti ngébréhkeun
pikiran, rarasaan jeung karep palaku, ogé salaku panyambung kana jalan carita.
3.
Pembabakan:
sajumlahing adegan. Ilaharna hiji carita drama diwangun ku 3-5 babak, tapi aya
ogé drama nu teu make babak atawa ukur kawangun ku 1-2 babak.
4.
Adegan:
adegan ditandaan ku munculna palaku anyar atawa situasi anu robah. Aya
sababaraha bagian adegan, nyaéta: (1) adegan beurat/hésé, (2) adegan badéga
atawa jongos, (3) adegan leutik, (4) adegan kacow/ngaco, (5) adegan nu
ngiket/suspense, (6) adegan hampang/hiburan, (7) adegan terbuka, (8) adegan wajib.
5.
Wawancang:
téks paréntah pikeun palaku.
6.
Solilokui
atawa monolog; cara hiji palaku ngébréhkeun eusi pikiranana sangkan écés tanpa
aya palaku séjén di panggung.
7.
Aside:
palaku dialog jeung nu nongton dina hiji guneman jeung palaku lianna, tapi
palaku nu lian api-api teu ngadéngéeun kana naon nu dicaritakeun.
8.
Épisode:
bagian/sabagian carita anu mandeg mandiri.
9.
Épilog:
pidato singget dina ahir carita anu ilaharna palakuna ngébréhkeuun jeung
ngécéskeun intisari carita atawa téks tambahan (Isnendes, 2009, kc. 30)
Dadasar Maén Drama
Maénkeun drama atawa téater téh teu
gampang, teu kitu waé prak utamana pikeun aktor nu maén dina lalakon carita. Nu
jadi aktor téh hadéna mah kudu bisa maénkeun peranna sangkan éta pintonan téh
hasil ngirut nu ningal. Pikeun ngahontal éta kabéh, aya sawatara hal anu perlu
dicangkem ku aktor minangka bekel mintonkeun hiji drama atawa téater, umpamana
waé:
a.
pamolah
teu kaku, teu dijieun-jieun (gestur);
b.
vokal
kudu écés;
c.
karakteristik
kudu kajiwaan;
d.
pasemon
jeung rindat (mimik jeung éksprési) kudu wajar jeung ngayakinkeun; jeung
e.
ngawasa
panggung jeung ngamangpaatkeun properti nu aya.
Pangajaran Carita
Wayang
Carita wayang nya éta rupa-rupa lakon anu dipidangkeun dina
carita wayang anu ngagambarkeun sipat jeung watek manusa di dunya. Carita
wayang asalna ti India sarta raket
pakaitna jeung agama Hindu. Ayana pagelaran wayang di Nusantara teubisa
dipisahkeun tina sumebarna agama Islam ku para wali. Kecap wayang sarua hartina
jeung bayang anu ahrtina kalangkang. Sedengkeun golék hartina bonéka. Wayang
purwa mangrupa lambang kahirupan didunya. Lalakon anu dina carita wayang anu
jadi babon atawa pakem dina pagelaran wayang nya éta Ramayana jeung Mahabarata
Carita Ramayana nyaritakeun peperangan antara Rama jeung
Rahwana marebutkeun Déwi Sinta. Tokohna nya éta Rama, Sinta, Rahwana, hanoman. Carita
Mahabarata nyaritakeun peperangan antara Pandara jeung Kurawa. Tokohna nya éta
Arjuna, Yudistira, Bima, Nakula, Sadéwa, Semar, Cépot, Garéng, Karna, Kurawa.
Perangkat Pagelaran Wayang
1. Dalang tugasna ngusikeun wayang golék
jeung mimpin guluyurna carita wayang.
2. Sindén juru kawih dina pagelaran
wayang
3. Nayaga tukang nabeuh gamelan dina
pagelaran wayang.
4. Gamelan kumpulan waditra anu dipaké
dina pagelaran wayang
5. Gugunungan sarupa wayang pikeun muka,
pindah, jeung nutup carita wayang.
6. Jantur nya éta gebog cau tempat ditancebkeuna wayang
Struktur Pagelaran Wayang
1.
Kakawén
nya éta kawih dalang dina pagelaran wayang golék anu ngagunakeun basa kawi di
sebut ogé suluk anu eusina papatah pikeun anu ngadangukeun lalakon.
2.
Murwa
nya éta kecap anu dipaké bubuka ku dalang sabada kakawén jeung ngagunakeun basa
kawi.
3.
Nyandra
nya éta prolog anu digalantangkeun ku dalang sabada murwa.
4.
Antawacana
nya éta paguneman dina pagelaran wayang.
5.
Tutup
lawang sigotaka nya éta tanda atawa omongan yén pagelaran geus réngsé.
Pangajaran
Dongéng
Ceuk Iskandarwassid mah (1996, kc. 31) anu disebut dongéng
téh sumebarna sacara lisan jeung turun-tumurun. Tara kapaluruh saha pangarangna
atawa nu nyiptakeunana (anonim). Ari nilik wangunna, dongéng téh kaasup wangun
prosa (lancaran), tapi sakapeung ogé sok kaselapan bagian anu dikawihkeun
(ugeran) umumna mah parondok. Nilik kana kajadian-kajadian caritana, sakapeung
mah karasa pamohalan. Ceuk M.A. Salmun mah dongéng téh kabagi jadi lima rupa,
nyaéta (1) dongéng sato (fabel), (2) dongéng
déwa (mitos), (3) dongéng jalma teu lumrah, (4) dongéng sasakala, (5)
dongéng jurig.
Sakumaha nu geus disebutkeun yén dongéng téh sumebar sacara
lisan, atuh ditepikeunna ogé turun-tumurun, umpamana dina riungan-riungan atawa
waktu indung mépéndé anakna atawa aki jeung nini ka incuna. Tapi
kabéhdieunakeun dongéng téh réa nu nalungtik jeung ngahaja dikumpulkeun (boh ku
cara ngumpulkeun tina sumber lisan, boh ku cara nyadur tina basa deungeun)
pikeun kapentingan dunya atikan. Sawatara dongéng anu hasil dikumpulkeun téh di
antarana:
a.
Dongéng-dongéng anu Aranéh (1884), dikumpulkeun ku R.H.
Moehamad Moesa;
b.
Dongéng-dongéng Sasakala I (1944), dikumpulkeun ku Moh. Ambri;
c.
Dongéng-dongéng Sasakala II, III (1966), dikumpulkeun ku R.
Satjadibrata;
d.
Warnasari atawa Rupa-rupa Dongéng (1876), dikumpulkeun ku Raden Ayu
Lasminingrat;
e.
Dongéng-dongéng Pieunteungeun (1865), disadur ku R.H. Moehamad
Moesa;
f.
jeung
réa-réa deui (Ruhaliah, 2002, kc. 60-61; Iskandarwassid, 1996, kc. 30).
Aya
sawatara hal anu kudu dipaliré dina ngadongéng, di antarana:
a.
apalkeun
heula atawa baca heula dongégna;
b.
tengetan
saha waé para palakuna jeung kumaha karakterna;
c.
apalkeun
galur caritana;
d.
bédakeun
mana bagian bubuka, eusi, jeung panutupna;
e.
kudu
puguh léntong jeung volumeu sorana; jeung
f.
kudu
ngawasa panggung.
Pangajaran Ngarésénsi
Buku
Istilah résénsi téh asalna tina basa Latén recensere anu hartina nilik deui,
nimbang-nimbang, atawa ngajén. Ngarésénsi buku hartina ngajén kaayaan buku
katut eusina. Anapon hal-hal anu dirésénsi téh ngawengku dua widang, nyaéta
waruga (fisik) buku jeung eusi buku. Widang waruga buku ngawengku: a) pidangan
(jilid) buku; b) judul buku; c) pangarang, nu nulis, atawa nu narjamahkeun; d) pamedal
(penerbit); e) pedalan (citakan); jeung kandel buku. Ari widang eusi buku
ngawengku: a) basa; b) bebeneran eusi (substansi); jeung c) gaya pangarang.
Ilaharna mah timbangan kana eusi buku téh sok dipidangkeun hal-hal anu unggulna
baé. Ngahaja éta téh dilakukeun, lantaran patali jeung tujuan ayana résénsi
buku éta sorangan anu ngawawarkeun ayana buku anyar anu eusina alur jeung perlu
dibaca ku balaréa.
Conto Résénsi Buku
Identitas Buku
Judul : Ma
Inung Néwak Cahaya
Pangarang : Mamat Sasmita
Medal
Munggaran ku : Kiblat Buku
Utama - Bandung
Gambar
Jilid : Ayi R.
Sacadipura
Citakan
Kahiji : Januari
2012
Kandelna
Kaca : 107 kaca
Eusi Buku
Ma Inung Néwak Cahaya,
mangrupa salasahiji kumpulan carpon karya Mamat Sasmita (anu satuluyna ditulis
MS), atawa sakapeung nganggo sandiasmana M. Adipuddin. Pangarang anu lahir di
Tasikmalaya 15 Méi 1951, kaasup pangarang anu produktip, sawatara karyana
dimuat disababaraha média cétak boh anu maké basa Indonésa boh anu maké basa
Sunda diantarana waé, PR, Tribun Jabar, Kompas, Cupumanik, Manglé, jrrd.
Kumpulan
Carpon Ma Inung Néwak Cahaya mangrupa buku munggaran anjeunna salila
ngalalanyah dunya kasususastraan Sunda. Aya 12 carpon dina ieu kumpulan téh,
nya éta; ”Nini Jumsih Moro
Langlayangan”, ”Silang Sigeu”, ”Basa Mamah Rék Ngajual Imah”, ”Ateul”, ”Kang
Sabri Leungiteun Kalangkang”, ”Kang Sabri Mati Suri”, ”Gagal”, ”Wastu di Wastu”,
”Ma Inung Néwak Cahaya”, ”Onyét”, ”Nguseup”, jeung ”Basa Mamah jadi Caleg”.
Diantara kabéh éta carpon, aya sababaraha carpon anu memang geus dimuat dina
média cetak, aya ogé anu teu acan dimuat.
Dina
ieu kumpulan carpon, MS geus nyoba hayang nyodorkeun kumaha nyieun carpon anu
basajan. Dina harti MS aya kahayang pikeun munculkeun eusi caritana anu
ngaguluyur tur ide anu basajan. Nilik kana sababaraha carponna méh hampir kabéh
carpon dina ieu kumpulan téh ide-idena kawilang basajan pisan, hal-hal anu
leutik anu, anu spele. Contona baé dina Carpon ”Kang Sabri Leungiteun Kalangkang” teu sapira, anu
saenyana hayang nyaritakeun Kang Sabri anu disangka jurig lantran katingal teu
boga kalangkang, ana disidik-sidik tétéla Kang Sabri téh lain teu boga
kalangkang tapi lantaran harita waktu téh keur meumeujeuhna panonpoé aya dina
luhureun embun-embunan, anu cék élmu alam mah kalangkang urang téh méh sarua
jeung dirina. Geura ilikan.
.....
Si Nyai Ngabirigidig, bari nunjuk kana motor.
”éta motor jeung awak Akang euweuh kalangkangan.”
Astagfirullah, Kang Sabri sababaraha kali istigfar. Bari
jeung rurat-rérét kana motor jeung awak. Enya geuning dirina téh euwueh
kalangkangan, padahal harita panas poé éréng-éréngan.
Ilikan ogé lebah éndingna. Anu ngajéntrékeun kaayaan
saenyana.
Kang Sabri Némpas, ”Lah,lahunta teuing moal enya aya
jalma euweuh kalangkangan sagala. Tuh tingal apan sakitu jéntréna, panjang
deui, éngké lamun tengah poé keur éréng-éréngan, kalangkang kuring jadi
mondokan,” ngomong kitu téh bari nunjuk kana kalangkang sorangan.
Lian
ti éta, ”Kang Sabri Mati Suri”, ”Nini
Jumsih Moro Langlayangan”, kaasup caritaanna basajan. Alias nyaritakeun
hal-hal anu leutik. Dina ieu kumpulan carpon ogé bisa ditimukeun ku urang
kahayang MS dina nepikeun caritana ku téma-téma anu ’nyelenéh’ umpamana baé
dina carpon ”Onyét”, ”Ateul”, ”Nguseup”,
”Wastu di Wastu”. Dina ieu carpon MS nyoba-nyoba munculkeun unsur sindiran
dina kahirupan sosial. Anu teleb pisan mah dina carpon ”Onyét”. Anu nyaritakeun pajabat korup, tapi manéhna asa
kasindiran ku anakna sorangan lantaran disebut Onyét lain disebut bapa.
Ceuleungkeung téh budak anu bungsu ngomong, ”Hi hi
onyét...., bari nunjuk ka Kang Sabri, terus budak téh maléngos bari ngajebian
ka lanceukna.
Dina
pasoalan ngagunakeun basa ogé, teu matak hésé teuing, éstu basajan. Taya
basa-basa puitis atawa métafor-métafor anu matak beurat pikeun neuleumanna
–jiga carpon ka ayeunakeun- ieu mah ngaguluyur. Mung memang dina sababaraha
carponna aya unsur-unsur absurd (contona dina ateul) anu teu ilahar, hal éta
anu matak urang rada ngahuleng macana, tapi sakapeung ogé matak kerung ka
urangna.
Sagédéngeun
éta aya anu matak ngirut dina ieu kumpulan carpon téh, nyaéta lebah tokoh utama
dina unggal carpon. Méh kabéh carpon MS ngagunakeun tokoh anu ngaranna Kang
Sabri. Kang Sabri digunakeun jadi sababara karakter dina tokohna. Anu hartina
deui, MS maké sudut pandang kadua jeung katilu dina unggal carponna. Mangga
urang tiasa maca. Dina 12 carpon dina ieu kumpulan méh kabéh tokoh ngaranna
Kang Sabri –salin ti ”Silang
Sigeu”, ”Ma Inung Néwak Cahaya”, jeung ”Basa Mamah jadi Caleg”.
Unggal
karya tangtu teu sakabéhna sampurna, aya kakuranganna. Kitu deui dina ieu
kumpulan carpon ”Ma Inung Néwak Cahaya”.
Lebah gaya nyaritakeun bangun anu teu ajeg, asa dirurus, sakapeng ogé matak
kerung ka urangna. Enya ogé nyaritakeun hal-hal anu basajan, tapi bet ka urang
téh sok aya wéa kreteg ih, naon si.
Najan
kitu ieu carpon geus ngeuyeuban hasanah kasusastraan Sunda, anu katingal arang
pisan ngaluarkeun buku saban taunna. Jeung deui ieu geus méré catetan yén loba
hal-hal anu leutik anu teu kapaliré, anu saleresna boga poténsi pikeun
dituliskeun tur dijadikeun karya -kalayan catetan dibungkus ku gaya nyarita anu
matak ngirut-. Saheunteuna hal éta kudu dijadikeun tuladan pikeun generasi urang
(baca: ngora) pikeun mekarkeun deui kasusastraan Sunda ku cara sakréatifna anu
nyieun carita jeung gaya nyaritana nu béda. ”Ma Inung Néwak Cahaya” geus méré kelir dina ngabeungharan
hasanah sastra Sunda.

0 comments:
Post a Comment